Kritik Carpon Basa Sunda : Kanyaah nu Teu Kaukur

Diposkan Oleh : Septia Mujizat | Pada : 7/31/2017 | Rating : 5 | 0 komentar
Kanyaah nu Teu Kaukur
kritik keur carpon Leuwi Kanyaah karangan Sofyan Limbangan (Manglé 2595: 57 - 59)
ku Septia Mujizat

Kritik Carpon Basa Sunda
Dokumentasi Pribadi
Curug Sondong, Geopark Ciletuh, Sukabumi
Ngomongkeun kanyaah kolot mah moal bisa kaukur ku leuwi, enya gé lain ka budak sorangan. Tapi da nu kapanggih ku kuring mah dina carpon ieu téh Sofyan Limbangan lain medarkeun kumaha nyaahna guru ka murid, lolobana mah nyaritakeun kahariwang guru.
Dina carpon ieu, lalakon utama anu teuing saha ngaranna téh boga kasa tukang nu mirip jeung salah sahiji guru kuring basa SMK. Jadi guru téh lain ku dihaja, pédah meunang amanat ti nu jadi guruna baheula. Salakina ogé gawéna sok aprak-aprakan saba leuweung ka luar pulo, da puguh téa pagawéanana téh nyaéta survéyor géodési. Ari dina carpon ieu mah cenah salakina lalakon utama téh geologist, padahal teu kabéh geologist gawéna aprak-aprakan ka leuweung. Kuring apal téh sabab kuring gé pernah ngalaman training ngeunaan géodési jeung pemetaan. Aya ogé geologist anu gawéna téh haben cicing di hareupeun layar monitor komputer, da puguh téa gawéna téh di bagian digitalisasi ciga kuring baheula nalika training géodési salila genep bulan di salah sahiji perusahaan konsultan géodési di Bandung.
Lumayan deukeut kuring jeung guru éta téh. Kahariwang anjeunna jauh leuwih loba ti nu dicaritakeun di carpon ieu. Tapi kitu ogé kanyaah ka murid-muridna, mun meunang lebay mah kanyaahna téh teu bisa kaukur ku legana samudera ogé. Malahan mah anjeunna nepi ka nyadiakeun lés gratis pikeun muridna anu rada hésé nuturkeun matéri di sakola. Tah kuring deukeut jeung anjeunna téh kusabab kuring ogé mantuan anjeunna jadi staff pengajar di organisasi pendidikan anu dijieun ku anjeunna jeung salakina.
Enya gé guru kuring mah moal bisa ningali barudak leutik anu lalucu paripolahna, tapi sakaapal kuring mah can pernah kapikiran ku guru kuring pikeun ngundurkeun diri kusabab teu kuat ku ti sisi-ti gigir ciga nu dicaritakeun na carpon ieu. Padahal kuring apal pisan kumaha pabaliutna masalah nu aya di sakola ayeuna. Can lamun inget ka bengalna babaturan kuring baheula, kaasup ogé kuring sabenerna mah, ngan kuring mah aya kénéh bageur-bageurna.
Anu dilebarkeun dina carpon ieu nyaéta kuring mah asa maca monolog, malahan mah rada hésé hayang ngarti alur caritana téh. Tinu keur nungguan pengumuman lomba téh cleng ka lima taun ka tukang, rada kaharti kénéh da ieu mah flashback. Geus kitu téh dicaritakeun deui yén manéhna téh keur persiapan lomba, ongkoh geus rék pengumuman? Meureun kuring nu salah ngarti éta mah, da mimiti maca mah sugan téh latar wewengkonna keur dinu acara pengumuman perlombaan, lain acara perlombaan anu pinunjulna langsung diumumkeun.
Kuring ogé rada bingung nalika aya kecap manéhna dina paragraf ka opat, sabab ti paragraf hiji kénéh gé can aya hiji ogé kalimah anu nyaritakeun hiji tokoh. Komo ti paragraf ka genep mah kuring beuki bingung, naha si lalakon utama téh keur dicaritakeun atawa nu keur nyarita?
Sasampurna-sampurna jalma pasti aya waé kakurangan jeung kasalahan mah, kitu ogé nu kapanggih ku kuring dina carpon ieu. Aya sababaraha kecap anu teu sampurna cara nulisna. Diantarana nyaéta aya kecap anu sakedahna nganggé huruf e curek “é” ngadon maké e biasa, nyaéta kecap “we” anu kedahna diserat “wé”, sareng kecap “oge” anu kedahna mah diserat “ogé”. Aya ogé kecap anu teu konsistén, nyaéta kecap “ceuk”, sakapeung mah diserat “cék”, aya ogé anu diserat “cek”. Kuring ogé kurang merenah nalika maca kecap “ngandelken”, panginten teu kaserat huruf “u”-na da nu raos kanggo diaos mah “ngandelkeun”. Kecap ”frame” ogé pan saleresna mah kecap ti basa deungeun anu can lumrah na basa Sunda, sabab aya kénéh kecap bingkéi anu bisa dipaké. Lain teu bisa dipaké kecap “frame” téh, ngan kedahna mah pan cara panulisanana dimiringkeun jadi “frame”.
Dina carpon ieu, Sofyan Limbangan bisa méré peupeujeuh keur guru-guru, utamana ngaliwatan lalakon kepala sakola, nyaéta anu disebut Bunda téa. Pangpangna mah peupeujeuh keur guru-guru anu ngora kénéh. Salah sahijina nyaéta ngingetan yén dimana waé urang hirup pasti aya waé masalah mah, da jalma anu bijak mah anu bisa ningali kahadéan ti sagunung masalah, lain anu teu boga masalah. Puguh jalma anu ngarasa teu boga masalah téh boga masalah anu gedé pisan, nyaéta teu bisa ngarasakeun hirup di kahirupan. Ari jadi guru mah da lain saukur profési, tapi leuwih ka dédikasi.

Baca Juga :

0 komentar:

Posting Komentar

 
NetXZ - Berbagi Tanpa Batas : About | Advertise | Sitemap
Support : Kritik Carpon Basa Sunda : Kanyaah nu Teu Kaukur
Template Modified by Septia Mujizat
Proudly Powered by Blogger