Telaah Sastra : Novel Sunda 'Jangji Asih' karya Aam Amilia

Diposkan Oleh : Ucup | Pada : 12/26/2017 | Rating : 5 | 0 comments
Loba Kanyeri, Gedé Mangpaat
Analisis Novél Jangji Asih karya Aam Amilia (Pendekatan Pragmatik)

A. Riwayat Pangarang
Aam Amilia lahir tur gedé di Bandung. Ti umur 12 taun geus resep tulas-tulis. Cerpénna, “Ulang Tahun”, dimuat dina Lembaran Minggu Pikiran Rakyat. Carponna nu munggaran “Timburu” kapanggih ku Muh. Rustandi Kartakusumah, dimuat dina Manglé keur Aam umur 16 taun. Saterusna jadi pangarang dina dua basa. Nepi ka ayeuna, geus puluhan bukuna nu terbit. Di antarana novel jeung kumpulan carpon dina basa Sunda: Puputon (1979), Buron (1980), Kalajengking (1980), Panggung Wayang (1992), Suminar (2008), Talaga Malihwarni (2012), Kembang-kembang Anten (2014), jeung Di Antara TIlu Jaman (2016). Dina basa Indonesia: Jago-jago Bandung Selatan (1970), Karena Kasih Sayangmu (1971), Di Ujung Bayang-bayang (1989), Kutunggu di Bukit Bunga (2005), jsté. Novelna Sanggeus Halimun Peuray (1992) diangkat kana film ku Dewan Film Nasional (DFN).

Aam geus nulis sababaraha biografi guru besar, seniman, tokoh perkebunan, tokoh pendidikan jeung jurnalistik. Kungsi ngadidik tur ngalahirkeun welasan penulis, ngaliwatan HPPM Nurani, Manglé Rumaja, Caraka Sundanologi, jeung Panglawungan 13. Kungsi meunang penghargaan pikeun karya jeung jasa, ti Lembaga Basa jeung Sastra Sunda, Piagam Moh Ambri ti PP-SS, Majalah Manglé, Sarinah, Zaman, IKAPI Jawa Barat, Anugerah Budaya ti Gubernur Jawa Barat, jeung Anugerah Sastra ti Institut Budaya Sunda. Kumpulan carponna Di Antara Tilu Jaman (2016) dileler hadiah Sastra Rancagé 2017.

Kiwari masih kénéh nulis tur ngasuh rubrik “Sekelumit Romantika Kehidupan” di HU Pikiran Rakyat edisi Minggu.

Sumber: Aam Amilia. Jangji Asih. 2017. Bandung: Kiblat Buku Utama.

B. Dasar Téori
Pendekatan pragmatik nyaéta pendekatan telaah sastra anu némbongkeun kumaha katarimana hiji karya sastra ku nu maca. Ana pon numutkeun para ahli, définisi pendekatan pragmatik nyaéta:
1. “Pendekatan pragmatik merupakan perhatian utama terhadap peran pembaca. Dalam kaitannya dengan salah satu teori modern yang paling pesat perkembangannya yaitu teori resepsi” (Abram, 1958 : 14 – 21).
2. Numutkeun A. Teeuw (1994), téori pendekatan pragmatik nyaéta salah sahiji bagian ilmu sastra anu mangrupakeun pragmatik kajian sastra anu nitik beuratkeun dimensi pembaca salaku nu nangkep jeung nu méré makna ka karya satra.
3. Felix Vedika (Polandia), pendekatan pragmatik mangrupakeun pendekatan anu teu jauh béda jeung artéfak (benda mati), anu macana anu ngahirupkeun salaku prosés konkritasi.

C. Ringkesan Carita
Novel Sunda Jangji Asih
Novel Sunda: Jangji Asih
Tokoh utama dina novel Jangji Asih ieu téh ngaranna Asih. Miboga rupa anu goréng tapi bageur. Manéhna hirup jeung indungna, saimah jeung uwa jeung babaturanna. Boga tilu lanceuk lalaki tapi geus kurenan jeung marisah jeung kolot. Katilu lanceukna mah karasép da mirip ka indungna, ari Asih mah leuwih mirip ka bapana anu sarua goréng. Asih sakola kénéh satingkat SMA, tegesna kelas 3 di sakola kasenian. Manéhna asup sakola seni lantaran boga sora nu alus jeung pangaresep dina widang seni musik, nyaéta kawih.

Kacaritakeun yén sakolana téh rék magelarkeun pintonan drama sora ‘Sangkuriang’ dina raraga ngareuah-reuah tepung taun nu bakal ditongton ku tokoh-tokoh sa-Indonésia. Manéhna meunang tawaran pikeun jadi juru kawih atanapi dubber peran Nyi Dayang Sumbi. Ari nu meunang peran jadi Nyi Dayang Sumbina mah Lasmini, nyaéta babaturanna anu panggeulisna di sakola tapi miboga sora anu goréng sabalikna ti si Asih. Ari nu meunang peran Sangkuriangna mah nyaéta Tresna, lalaki anu dipikaresep ku si Asih.

Konflik nu aya dina ieu novel nyaéta nalika ‘Sangkuriang’ bérés dipéntaskeun hareupeun éks siswa Sakola Kasenian, Asih ngarasa teu dihargaan pisan. Manéhna ningali babaturanna téh ngan ngabagéakeun Lasmini hungkul, padahal manéhna anu nga-dubbing sorana sangkan jadi alus téh. Katambah nalika balik ka imah, si Asih ningali yén dina brosur pagelaran éta téh ngaran manéhna ngan ditulis maké mangsi bari diselipkeun hungkul, malahan mah dina brosur nu lianna mah euweuh ngaran manéhna. Alatan kitu manéhna jadi nyeri haté pisan nepi ka embung jadi ngilu ilubiung dina pagelaran éta.

Geus dipénta ku sababaraha jalma, boh ku guru-guru nepi ka diréktur ogé tetep teu bisa ngarobah haténa améh daék maén deui dina éta pagelaran. Asih kanyenyerian kénéh ku asa teu dihargaanna manéhna dina éta pagelaran. Diolo ku Tresna, lalaki anu dipikaresep ku manéhna ogé angger mugen. Tapi tungtungna mah manéhna daékeun ogé, pédah manéhna nyaah ka Tresna. Asih embung ningali Tresna dicarékan ku guru-guru jeung nu lianna.

D. Analisis
Jejer anu diangkat dina novél ieu nyaéta katulusan cinta jeung étika di dunia seni. Pangarang dina novel ieu hayang nepikeun pesan ngeunaan cinta anu suci, nyaéta cinta anu teu ngarepkeun balesan, cinta anu teu kudu dipikanayaho ku batur, cinta anu ngabutuhkeun pengorbanan. Aam Amilia ogé hanyang nekenkeun yén nu ngaranna seniman kudu bisa ngaprésiasi seniman nu séjén, teu meunang aya nu diapi lainkeun. Najan urang kudu jalma anu tulus dina ngalakonan sagala pagawéan di ieu kahirupan, tapi lain harti urang meunang nyapirakeun batur ku jasa-jasana, rék peran sakumaha leutikna ogé.

Pangarang ogé ku cara teu langsung rada nyindir kapitalisme. Ayeuna jalma dina ngalakonan kahirupan téh geus remen ku pamaksudan pikeun meunang kauntungan. Lolobana jalma geus leungiteun idéalisme. Anu jadi pipikiran jeung cecepengan téh lain kumaha prinsip jeung prosésna, tapi nekenkeun hasil anu hadé jeung kauntungan anu dimeunangkeun. Ciga solokan saat anu dicaritakeun dina awal carita.

Intina nyaéta pangarang hayang nekenkeun masalah aprésiasi jeung toléransi. Sakumaha goréngna sikep batur ka urang, urang mah kudu tetep soméah jeung profésional. Panceg dina galur, da hirup mah lain nu urang jeung lain kumaha urang, tapi kumaha engké saenggeus kahirupan gumantung ka kumaha urang ngalakonan kahirupan nu ayeuna.

Ari jelema mah da sakumaha loba urang nyieun kahadéan, tetep nu babari kaingetna mah nyaéta nalika urang nyieun kagoréngan. Béda jeung Gusti Nu Maha Adil, sakumaha loba urang nyieun kagoréngan, pasti dihampura lamun urang bener-bener tulus jeung daék diajar tinu kasalahan.
Loba nu nganggap yén cinta téh butuh pengorbanan, saluyu jeung nu dicaritakeun tur ditekenkeun ku pangarang dina carita ieu. Tapi kuring teu sapanuju, sabab perjuangan dina nunaikeun maksud cinta mah lain mangrupakeun pengorbanan, tapi kahormatan.

Kuring kataji ku tangkal anu dicaritakeun dina novél ieu. Aya pesen anu teu sacara langsung ditepikeun ku pangarang. Kuring ngaréprésentasikeunna saluyu jeung katulusan. Beuki tumbuh manéhna beuki bisa ngaiyuhan jalma ogé sasatoan nu aya dihandapeunna, padahal manéhna mah beunang langsung ku panon poé anu panas méncrang. Manéhna gé tara ngeluh sanajan daun-daunna kudu maruragan, malahan mah tuluy numbuhkeun deui daun-daun anyar pikeun jadi pelindung tinu kapanasan jeung ngarobah karbondioksida jadi oksigén pikeun kabutuhan kahirupan manusa.
Tapi kuring ngarasa pesen katulusan anu hayang ditepikeun ku pangarang jadi kurang pédah dicaritakeun si Asih téh hayang némbongkeun yén manéhna boga haté anu wening. Ari jalma nu miboga haté wening mah kuduna teu paduli batur nganggap manéhna alus atau goréng, lamun aya niatan kitu mah cendrung kana dendam jeung faktor égoisme.

Dina novél ieu, pangarang ogé loba teuing némbongkeun kanyeri nu dirasakeun tokoh utama. Anu masalahna mah sabenerna ngan hiji, tapi loba teuing diulang. Nu geus kahatéan téh ngadon jadi bosen pédah terus-terusan disebutkeun kanyeri anu éta-éta kénéh. Henteu salah ogé teu goréng, ngan dinamika émosina jadi kurang.

Tungtung carita karasa ngagantung, aya kénéh masalah-masalah anu can kajawab. Naha dihaja atawa henteu, tapi kuring ngalebarkeun panutupan ieu novél anu masih bisa leuwih alus deui. Ceuk kuring mah pangarang buru-buru teuing dina nganggeuskeun ieu carita.

*Tulisan ini disusun untuk memenuhi tugas mata kuliah Telaah Sastra.

.: Semoga Bermanfaat :.

Baca Juga :

0 comments:

Post a Comment

 
NetXZ - Berbagi Tanpa Batas : About | Advertise | Sitemap
Support : Telaah Sastra : Novel Sunda 'Jangji Asih' karya Aam Amilia
Template Modified by Septia Mujizat
Proudly Powered by Blogger